Sabtu, 04 Desember 2010

Sangkuriang

ngalalana, leuleuweungan
muruhkeun lelembutan
rangrang kai pulukan
mireungeuh bingun liwat saking
nedunan boeh rarang dikebatkeun
ting burinyay, ting kareutip
kawas kingkilaban
balebat konkorongok
beurang kageureuwahkeun
sangkuriang ngajenghok
handeueul leumpang sakaparan
teu puguh nu diseja
parahu nangkub nyesakeun tangkuban parahu
talaga raat paseuh bandung
tunggul kai bukit tunggul
rangrang burangrang
Dayang Sumbi teu ngajadi
Sangkuriang jalir janji
kiwari tinggal pasini
dina ati sanubari

margawati, 101010

1 komentar: