Sabtu, 11 Desember 2010

Naskah Drama

SISI WALUNGAN
Karya : Saman Upi Supardi
Lingkung Seni Sunda Citraresmi

PASOSORE DI HIJI TPSA. SURYAWINATA GEUS GUNTRENG DEUI JEUNG PAMAJIKANANA, PEDAH SULASTRI SOK REMEN NGOBROL DUAAN JEUNG PARLAN BANDAR BARANG LOAKAN.
SURYAWINATA : BARI NGAMBEK
Pokona aing teu bisa narima. Mun perlu rek dipaehan sakalian !
SULASTRI : Naha ? Yeuh Kang, ngomong teh tong kamana wae. Make rek maehan jelema sagala, kunaon kitu Bang Parlan teh ?
SURYAWINATA : Hah ! Kapanggih ayeuna mah. Kapanggih siah !
SULASTRI : Naon nu kapanggih, can ngarti kuring mah.
SURYAWINATA : Eta, tadi maneh nyebut-nyebut ngaran …..Saha ?
SULASTRI : Bang Parlan.
SURYAWINATA : Tah eta, urang mana si Parlan ? Rek dipodaran ku aing !
SULASTRI : Naha make rek dipaehan sagala ? Salah naon kitu Bang Parlan teh ?.
SURYAWINATA : Yeuh, mimitina mah aing can percaya. Aya beja ti tatangga, yen maneh sok ngobrol duaan jeung lalaki. Tapi ayeuna mah aing percaya. Paingan maneh tara aya di imah.
SULASTRI : Oooh … Jadi cemburu ka Bang Parlan ? Sugan teh, mengeus ah, …
SULASTRI NGALEOS KA TUKANG. TAPI, GREWEK ! LEUNGEUNA DITEWAK KU SALAKINA.
SURYAWINATA : Rek kamana maneh, aing can beres !

SULASTRI : JEJERETELAN
Leupaskeun ieu nyeuri, leupaskeun ! Ari Kang Surya kunaon sih.
SURYAWINATA : Aing timburu, wajar pan. Kulantaran aing salaki maneh jeung deui maneh pamajikan aing !
SULASTRI : Enya, tapi tong kasar kieu atuh !
SURYAWINATA : Yeuh, aing rek nanya. Aya hubungan naon maneh jeung si Parlan ? Tuluy si Jalu hayam aing dikamanakeun ?
SULASTRI : Nu mana heula nu kudu dijawab.
SURYAWINATA : Duanana !
SULASTRI : Puguh eta, duanana teh aya hubungan erat pisan. Pakuat-pakait.
SURYAWINATA : NUDUH
Jadi si Parlan nu maok hayam aing !
SULASTRI : Bisa jadi kitu.
SURYAWINATA : Kurang ajar jelma teh ! Mana bedog, mana … mana…
SULASTRI : Rek naon ?
SURYAWINATA : Rek dipaehan ku aing !
SULASTRI : Montong ! Bisi dibui, engke oge masalah hayam mah kagantian, lamun urusan kuring jeung Bang Parlan beres !
SURYAWINATA : Tah eta hiji deui, bisnis naon siah hah !
SULASTRI : Engke weh, pokona kuring rek surprice.
SURYAWINATA : Naon deui surprice teh ? Meunang ti mana maneh basa model kitu ?
SULASTRI : Ti Bang Parlan. Ari basa legegna mah hartina teh kejutan.
SURYAWINATA : Naon ? Kejutan ? Kejutan naon hah !
SULASTRI : Yeuh, Bang Parlan teh kapan bandar barang rongsokan di kota, anu nampung atawa ngumpulkeun barang-barang butut samodel urang. Tah, maksud kuring mah rek bisnis jeung Bang Parlan teh ameh barang urang bisa payu. Bisa meunang duit.
SURYAWINATA : Tuluy, naon hubunganana jeung hayam aing ?
SULASTRI : Justru eta pamancing. Yeuh Kang, dina bisnis nanaon oge kudu aya pelancarna, mun teu kitu atuh moal hasil bisnis urang teh. Emang, nungarana pelancar biasana mah ku duit. Tapi kusabab kuring teu boga duit, nya ku hayam weh. Pokona kumaha bae carana ameh bisnis bisa lancar.
SURYAWINATA : Alus oge jalan pamikiran maneh. Tapi aing keukeuh, eta hayam kudu digantian deui.
SULASTRI : Ah, pokona mah tong boroning hayam, bapa jeung indungna hayam oge dipangmeulikeun lamun bisnis kuring lancar.
SURYAWINATA : Lamun heunteu ?
SULASTRI : Nya, wayahna weh diiklaskeun. Itung-itung amal.
SULASTRI LANGSUNG NGALEOS KA JERO. SURYAWINATA MASIH KENEH NGAHULENG CAN NGARTI BARI TULUY KUKULUTUS. KEUR KITU TATANGGANA ADIDOYO DATANG BARI MAWA KARUNG BUTUT.
ADIDOYO : Waduh … waduh, aya naon yeuh isuk-isuk geus pasea deui ?
SURYAWINATA : Eta pamajikan aing, mikeun hayam ka si Parlan !
ADIDOYO : Oooh, geuning beja teh geus nepi ka dieu ?
SURYAWINATA : Lain beja deui, malah pamajikan aing mindeng ngobrol duaan.
ADIDOYO : Alus atuh ari kitu mah. Hartina urang aya kamajuan.
SURYAWINATA : Alus ? Alus naon ari maneh !
ADIDOYO : Nya alus atuh. Utamana ka pamajikan maneh. Pola pikirna geus hade. Pokona mah alus lah. Sip !
SURYAWINATA : Angger, teu ngarti aing mah.
ADIDOYO : Na ari maneh Surya belegug-belegug teuing. Yeuh, ku kuring dijelaskeun ameh leuwih jentre. Si Parlan teh kapan bandar barang rongsokan di kota, maksudna ka dieu teh rek neangan barang. Tah, kulantaran kitu pamajikan maneh teh nyogok manehna make hayam bangkok, si jalu tea. Susuganan weh harga barang rongsokan urang jadi naek, jadi leuwih mahal. Ngarti !
SURYAWINATA : Oooh … Kitu, alus oge pola pikir pamajikan aing nya.
SURYAWINATA NGAGEROAN PAMAJIKANANA. Lastri ! Lastri ! Isukan urang balanja, ka swalayan, ka mall, ka super market. Pokona balanja naon wae, engke ku aing pasti dibayar !
SULASTRI : TI JERO IMAH
Tong isukan, minggu hareup wae. Isukan geus aya jangji jeung Bang Parlan.
SURYAWINATA : RADA NGAMBEK
Yeh ari maneh Lastri ! Lain ngahargaan salaki nu rek ngajak senang, kalah ka rek indit jeung batur !
ADIDOYO : Keun bae atuh, ameh bisnis maneh leuwih alus, leuwih lancar. Oke !
SURYAWINATA : Oke nya oke, tapi pamajikan aing jadi korban.
ADIDOYO : Yeuh Surya, keur hiji cita-cita jeung usaha teh kudu aya pangorbanan. Najan korban banda, pamajikan atawa nyawa, teu masalah. Nu penting urang bisa hasil, bisa beunghar. Hayang heunteu sih jadi jelma beunghar ?
SURYAWINATA : Enya, tapi …
ADIDOYO : NEMPAS
Keun bae lah, paling oge dirangsadan !
SURYAWINATA : Sambarangan siah !
TEU LILA SULASTRI KA LUAR TI IMAH GEUS DANGDAN. NECIS, BARI MAWA KANTONG SIGA SEKERTARIS PAUSAHAAN WAE.
SULASTRI : Kang, kuring rek ka ditu deui. Ayeuna jam dualas aya pertemuan jeung Bang Parlan, biasa di sisi walungan.
SURYAWINATA : Naon, aya pertemuan deui ? Naha atuh make jam dualas berang, di sisi walungan deui. Ari maneh rek pertemuan atawa rek ngunclungkeun maneh ka walungan hah !
SULASTRI : His ari Kang Surya, sok kamana mendi. Lamun kuring paeh nyaan kumaha ?
SURYAWINATA : Atuh da, pertemuan make jam dualas sagala. Emangna euweuh waktu deui !
SULASTRI : Yeuh Kang, Bang Parlan teh kapan orang sibuk, aya waktuna ngan ayeuna jam dualas beurang. Jeung deui ceunah, sisi walungan nu aya di urang teh alus, siga di lemburna.
SURYAWINATA : Dimana kitu lemburna si Parlan teh ?
SULASTRI : Medan, deukeut danau Toba.

SURYAWINATA : Oh, si Parlan teh urang Medan, naha nya ? Yeuh Lastri, biasana urang Medan mah pagaweanana kanu usaha mobil, nya supir tea, bengkel tea. Naha nu ieu mah kanu barang rongsokan.
SULASTRI : Lain deui ieu mah. Ceunah mah usaha kieu teh kulantaran manehna paduli kana lingkungan, paduli ka rahayat leutik siga urang. Kapan lamun heunteu ku urang-urang, saha deui atuh nu rek paduli kana barang perongsokan teh.
SURYAWINATA : Alus ari kadinyana mah, tuluy naha atuh make hayang pertemuan di sisi walungan. Kapan di dinya mah kotor, rujit !
ADIDOYO : Ah, tempat urang oge kotor, sarua bae mun kitu mah !
SURYAWINATA : Is ari maneh Doyo, kapan pamajikan aing teh geus dangdan bebeakan. Pupurna oge tilu senti, lipstikna beureum ati. Ma enya diajak pertemuan di tempat kumuh ! Kuduna oge di hotel bentang tujuh !
ADIDOYO : Di hotel ? Daek pamajikan maneh ditumpakan ku si Parlan ?
SURYAWINATA : NGAMBEK
Goblog siah ! Kamana wae ngomong teh. Yeuh, kieu-kieu oge aing mah salaki nu tanggungjawab. Anu nyaah ka pamajikan !
SULASTRI : NEMPAS
Meunggeus, kalahka parasea. Kuring rek indit heula bisi kabeurangan.
SURYAWINATA : Nya sok atuh. Tapi kade nya bisi dikukumaha ku si Parlan.
SULASTRI : His ari Kang Surya, nuduh teh kamana wae. Kieu-kieu oge kuring mah boga tatakrama, boga aturan, komo kuring geus boga salaki.
SURYAWINATA : Nya syukur atuh ari kitu mah, ieu mah bisi weh. Soalna jaman ayeuna mah geus kabuktian. Salakina digawe, eh pamajikanana oge keur digawe jeung batur. Cilaka pan. !
SULASTRI : Meunggeus ah, moal indit-indit ari tuluy diajak ngobrol mah. Mangga Kang.
SURYAWINATA : Mangga…
ADIDOYO : Kade nya ceu Lastri, bisi kabawa caah !
SULASTRI INDIT KANA TUJUANANA. SURYAWINATA JEUNG ADIDOYO MASIH KENEH GUNTRENG.
ADIDOYO : Kang Surya apal eunteu kajadian kamari ?
SURYAWINATA : BINGUNG
Aya naon kitu ?
ADIDOYO : Can apal ?
SURYAWINATA : Acan.
ADIDOYO : Di TPSA batur mah ceunah geus aya panertiban ti aparat pamarentah. Gubug-gubug nu aya didinya dibalongkaran.
SURYAWINATA : Ah, nu bener ?
ADIDOYO : Bener Kang, poe senen kamari. Kuring oge ngilu nyaksian.
SURYAWINATA : Kumaha nya, lamun tempat urang oge ditartibkeun ?
ADIDOYO : Duka atuh Kang, baheula keur basa urang di sisi jalan tol, urang ditartibkeun ku aparat nepi ka urang pindah ka sisi kota. Di sisi kota urang ditartibkeun deui tuluy urang pindah ka dieu ka sisi walungan. Lamun di dieu urang ditartibkeun deui, urang bakal pindah kamana nya ?
SURYAWINATA : Teuing atuh, kieu geuning jadi jalma leutik teh, tutuluyan digusur. Padahal kuduna urang-urang teh ayana di kantoran.
ADIDOYO : Ari Kang Surya, ngahayal teh sok jauh teuing.
SURYAWINATA : Ih, lain ngahayal ieu mah, buktina geus aya. Ngaran aing Suryawinata, maneh Adidoyo, salakina si Tarsih Kuncoro, budakna Pa Madsur Hasan Bakri tapi pagawean urang ngan saukur jadi pamulung. Kapan teu saimbang jeung ngaran.
ADIDOYO : Enya oge ari kadinyana mah.
SURYAWINATA : Tapi, da kudu kumaha deui nya. Jaman ayeuna mah loba nu tibalik, ngaran urang aralus tapi pagawean ngan saukur jadi pamulung, jadi gembel. Ari pajabat ngarana barutut tapi pagaweanana aralus.
ADIDOYO : Tapi ceuk kuring mah pagaweanana teu alus –alus teuing. Buktina loba pajabat ayeuna anu hayang naek jabatan, anu budak atawa dulurna hayang diangkat jadi pajabat jeung sajabana, kucara nyogok atawa ngemis ka ditu ka dieu. Kumaha lamun kitu, hartina masih keneh terhormat profesi urang atuh. Sok sanajan urang ngemis, da puguh urang-urang mah emang pangemis. Bener lain ?
SURYAWINATA : Bener oge, ti mana maneh boga pamikiran nu kitu.
ADIDOYO : Ah, kuring mah najan butut oge mineung maca koran jeung majalah, nu penting mah urang heunteu tinggaleun informasi.
SURYAWINATA : Pajabat ayeuna oge loba nu meuli buku, koran jeung majalah, malah mah sok langganan.
ADIDOYO : Enya ari di baca, lalobana kapan hayang kaciri eksklusif, bonafid. Geus nepi di imah eta buku, koran atawa majalah dipiceun ka wadah runtah, mun teu kitu ditumpuk di gudang. Anu leuwih sadis deui mah dikilo keur tatambah meuli beas, kapan si Hasan Bakri nu sok meulianana oge.
KEUR KITU BARI ADUG-ADUGAN KUNCORO DATANG SIGA NU DIUDAG-UDAG JURIG
KUNCORO : Gawat ! Gawat Kang ! Gawat !
SURYAWINATA : Naon nu gawat teh Coro, teu ngarti aing mah.
KUNCORO : Ah pokona mah gawat weh, gawat ! Komo nepi ka urang-urang dibawa mah. Bakal cilaka !
ADIDOYO : Ke… Ke… Sing puguh atuh nyaritana.
KUNCORO : Kieu, ceuk kabar angin atawa isu atawa kabar manuk, nyebutkeun yen poe rebo isuk bakal aya nu datang ka dieu.
SURYAWINATA : Saha nu rek datang ka dieu teh, Coro ?
KUNCORO : Aparat pamarentah.
SURYAWINATA : Rek naon ceunah ?
KUNCORO : Bejana mah ngan ngontrol hungkul, tuluy ningali kabersihan, kaamanan jeung …
ADIDOYO : NEMPAS
Tong gampang percaya nu kitu, Coro. Boa-boa rek ngagusur gubug urang !
KUNCORO : Enya duka atuh, bejana mah kitu. Mun teu salah mah ngarana teh Parlan, kitu ?
SURYAWINATA : Jadi si Parlan teh patugas kamtib ?
KUNCORO : Enya bejana mah.
ADIDOYO : Ah, ceuk saha ? Nu puguh mah si Parlan teh bandar barang rongsokan nu arek meuli barang-barang urang.


KUNCORO : Kuring mah ceuk Pa Madsur. Justru maneh nu salah informasi. Sabenerna mah lain rek meuli, tapi arek ngabalongkaran gubuk jeung mawaan barang-barang urang.
SURYAWINATA : NGAHULENG
Jadi pamajikan aing ?!
KUNCORO : Kunaon kitu Kang Surya ?
ADIDOYO : Tadi teh ceu Lastri aya jangji jeung si Parlan, ceunah mah di sisi walungan. Teuing aya urusan nanaona mah.
KUNCORO : Oooh… Jadi ceu Lastri geus apal ieu beja, alus atuh ari kitu mah.
SURYAWINATA : PANASARAN
Alus naon ari maneh ?.
KUNCORO : Kieu Kang, ceu Lastri teh maksudna mah rek ngajak damai ti heula, ameh tempat urang teu digusur.
SURYAWINATA : BEUKI PANASARAN
Naha ?
ADIDOYO : Kang… Kang, jaman ayeuna mah kapan geus umum, lamun aya pamariksaan teh sok aya bejana heula, loba bocor di jalan. Loba kapan, aya pamariksanaan tapi eunteu dipariksa kulantaran aya uang damai tea. Contona lokalisasi, dina pamariksaanana mah si WTS atawa cukongna sok tara kapanggih. Anu judi oge sok salamet wae, ngan tempatna hungkul nu diamankeun, ari aksina mah angger weh jalan tuluy. Tah, ceu Lastri teh sigana mah rek make cara kitu, ngarah aman.
SURYAWINATA : Keheula, ari si Parlan teh nu puguhna patugas kamtib atawa bandar barang rongsokan.
KUNCORO : Patugas kamtib anu gawena ngumpulkeun barang rongsokan, alesanana mah keur barang bukti.
SURYAWINATA : Tapi, naha bisa nyogok patugas ku hayam ? Da biasana oge ku duit.
ADIDOYO : Kang, pajabat ayeuna mah disogok ku naon wae oge bisa, lalobana hawek, sagala naon wae oge abus kana peujitna. Tingali weh beuteungna oge garendut, baruncit siga nu reuneuh.
KUNCORO : Aeh, kuring asa kaingetan, si Maryam ceunah jeung si Udin tukang asong tea, minggu kamari geus nikah.
SURYAWINATA : Ah piraku budak segede kitu geus nikah ?
KUNCORO : Bener Kang, jaman ayeuna mah loba kapan anu nikah di jalan. Reuneuh ti heula.
SURYAWINATA : Heueuh nya, aing oge sok bingung. Geus loba teuing ayeuna mah nu nikah kulantaran kitu. Bener-bener jaman geus edan, geus bejad !
ADIDOYO : Tong boroning nu kitu, nu aneh-aneh oge sok dilakukeun ku budak jaman kiwari mah, contona si Icat budakna Kang Murtado, kapan kamari paeh kulantaran “ngelem”.
SURYAWINATA : Ngelem ? Nu kumaha deui eta teh ?
ADIDOYO : Biasa, kahayang mah siga batur. Hayang ngeplay, tapi ari batur mah make shabu-shabu atawa ekstasi ari manehna make lem aibon.
SURYAWINATA : Ceuk aing mah kagok, padahal mah make baygon sakalian ngarah gancang paeh.
KUNCORO : Teuing lah rupa-rupa kalakuan jelma, sok aneh-aneh.
KEUR KITU HARTATI TUKANG JAMU GENDONG NGALIWAT. TEU LILA ADIDOYO NGAGEROAN LANGGANANANA.
ADIDOYO : Tati, ka dieu atuh ! Naha meni teu nawaran jamu ka kami !
KUNCORO : Heueuh lah, abong kena geus maju, geus sukses, poho ka kami.
SURYAWINATA : Enya lah sombong. Yeuh Tati, baheula kapan kami anu ngamodalan, anu ngadukung maneh ameh jadi tukang jamu, tong mopohokeun kami atuh. Kieu-kieu oge kami kungsi kampanye ka lembur-lembur ngarojong maneh, mempromosikan maneh.
HARTATI : Ih, lain kitu akang-akang, kuring teh keur sibuk ma’lum loba urusan ka ditu ka dieu. Ayeuna oge keur rusuh da geus aya jangji jeung Muharom di sisi walungan.
SURYAWINATA : Naha nya, tadi pamajikan aing jangjian di sisi walungan, maneh jangjian oge di sisi walungan. Aya naon kitu di sisi walungan teh ?
HARTATI : Ih Kang Surya mah kursi, Kurang Informasi. Mangkaning tong cicing wae di imah, kudu loba gaul, loba birokrasi. Kapan ayeuna mah keur usum.
ADIDOYO : Enya aya naon atuh di sisi walungan teh, bejakeun ka kami.
HARTATI : Ayeuna teh kapan keur rame, keur aya pertandingan bola voli.
SURYAWINATA : Ha… Ha… Ha… Rupa-rupa kalakuan jelma. Ari batur mah voli pantai, ari ieu mah voli walungan. Ha… Ha… Ha… Tapi, alus oge aya kamajuan.
KUNCORO : Ayeuna keur acara naon deui ?
HARTATI : Ah, pokona mah rupa-rupa acara. Bola voli, tenis meja, bulu tangkis, bakiak, panjat pinang. Ah, pokona mah loba weh.
ADIDOYO : Ari maen bal aya ?
HARTATI : Rek maen bal di jalan raya, kapan di lembur urang mah euweuh lapang. Kabeh taneuh kosong dijieun bangunan, lapang golf, parumahan, apartemen, bioskop jeung TPSA.
KUNCORO : Ari billiar atawa bola sodok aya ?
HARTATI : Aya, tapi kudu ngajual taneuh heula, kakara bisa maen.
SURYAWINATA : Tumben tara titasari, aya naon kitu ?
HARTATI : Acan apal, kapan poe rebo engke bakal aya pajabat anu datang ka dieu. Jadi acara ieu teh keur penyambutan tea geuning.
SURYAWINATA : Pajabat nu datang, rek naon ceunah ?
HARTATI : Duka atuh, pokona mah rame. Keur hadiahna oge kambing, domba, hayam, radio, tipi, parabot jeung rupa-rupa deui. Mangga atuh akang-akang bisi kabeurangan, soalna kuring oge ngiringan kontes kacantikan.
HARTATI TUKANG JAMU GENDONG INDIT. SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO MASIH KENEH CICING TEU NGARTI.
SURYAWINATA : Aing beuki teu ngarti, ceuk ieu bakal aya ieu, ceuk itu bakal aya itu, ceuk anu bakal aya anu. Nu bener teh nu mana atuh ?
KUNCORO : Ah, nu bener mah anu dibejakeun ku kuring.
ADIDOYO : Meunggeus Kang, tong percaya ka itu ka ieu, kudu ningali buktina heula. Ma’lum jaman ayeuna mah loba propokator.
SURYAWINATA : Boa-boa, ieu teh mangrupakeun taktik ti pamarentah. Maksud aing kieu, masarakat ka daritu narongton hiburan tuluy gubug urang dibalongkaran, kapan licik nu kitu teh.
ADIDOYO : Bener Kang kuring satuju, jadi pamarentah teu kudu ngagantian gubug urang.
KUNCORO : Licik pamarentah teh, licik ! Hayu urang ka sisi walungan, urang bejakeun ka masarakat yen ieu teh mangrupakeun taktik ti pamarentah keur ngagusur urang. Hayu Kang geuwat !
SURYAWINATA : Hayu Doyo !
SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO BURU-BURU INDIT KA SISI WALUNGAN. TAPI KAKARA GE SABARAHA LENGKAH GEUS KADENGE SORA RIBUT. MALAH MAH AYA SORA NU MENTA TULUNG SAGALA.
KOSWARA : BARI NGAGOROWOK
Lumpaaaaaat ! Hayu gancang lumpaaaaaaat !
SURYAWINATA : BINGUNG
Aya naon Kos, aya naon make nitah lumpat sagala ka kami.
KOSWARA : Itu, di ditu aya penggusuran. Hayu gancang lumpat !
ADIDOYO : Ke heula naon nu digusur teh ?
KOSWARA : Enya, gubug-gubug digalusur, imah-imah dibalongkaran ku aparat pamarentah. Hayu gancang lumpat, bisi ditewak !
KOSWARA NGAGOROWOK DEUI
Lumpaaaaaat ! Hayu gancang lumpaaaat ! Bawaan barang-barang anu penting, lumpaaaat ! Lumpaaaat !



KOSWARA LUMPAT DEUI MAWA RADIO BUTUT BARI TULUY GOGOROWOKAN. SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO MASIH KENEH NGAHULENG TEU NGARTI. TEU LILA, GEP ! PATUGAS KAMTIB GEUS NEWAK LEUNGEUN SURYAWINATA
PATUGAS I : Hah beunang siah ! Rek lumpat kamana hah !
NGAGEROAN BATURNA
Mir, geuwat tewak nu itu bisi kabur !
SURYAWINATA : Leupaskeun ! Leupaskeun ! Aya naon ieu teh, aya naon ?
PATUGAS II : Tong make tatanya sagala, rek nanya mah engke wae di kantor !
KUNCORO : Naon salah kami make ditewak sagala !
PATUGAS I : Hayang nyaho jawabanana !
KA BATURNA
Din, terangkeun ameh nyaho !
PATUGAS IV : Kieu yeuh, maraneh geus nyieun kota jadi teu bersih, jadi kotor, sumpek, sareukseuk. Jadi maraneh kudu diamankeun ameh kota jadi bersih !
ADIDOYO : Ke heula ! Kunaon imah kuring make dibalongkaran sagala, mana surat parentahna !
PATUGAS III : Teu make surat parentah oge, ieu mah geus jadi tanggungjawab kami pikeun nartibkeun suasana kota. Ameh bersih, indah loh jenawi.
PATUGAS V : Jeung barina oge, keur naon make surat parentah sagala, kawas nu bisa maca wae !
SURYAWINATA : Tapi dimana-mana oge kudu aya surat parentahna jeung aya duit gantina.
PATUGAS II : Duit keur ngagantian ? Ngeunah weh ngomong teh. Puguh maraneh teh geus ngarugikeun pamarentah, yeuh kulantaran maraneh turis-turis asing jadi diharoream ka dieu. Kusabab pamandangan kota eunteu endah, eunteu bersih, ngarti !
PATUGAS III : Hayu geura ngilu !
ADIDOYO : Tapi pa…
PATUGAS IV : Meunggeus tong loba teuing protes ! Rek ngalawan hah !
SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO DIBAWA KU PATUGAS KAMTIB. GUBUG JEUNG IMAH NU AYA GEUS BEAK DIBALONGKARAN. TEU LILA MASARAKAT GEUS BERES NARONGTON HIBURAN DI SISI WALUNGAN. PUGUH BAE SING HARULENG TEU PUGUH LAKU.
SARIPAH : BINGUNG
Aya naon ieu teh ? Aya naon ?
SULASTRI : Naha gubug urang sing rarubuh kieu, kunaon ieu teh, kunaon ?
TARSIH : Teuing atuh, ma enya salaki urang parasea deui, tapi asa moal mungkin pasea bari ngarubuhkeun gubug sagala.
SULASTRI : Kusaha atuh ieu teh, kusaha ?
SARIPAH : Atuh kuring rek sare dimana ? Aeh, ari Kang Doyo kamana nya ?
TARSIH : Aeh heueuh, salaki kuring oge kamana nya ?
SULASTRI : Boa-boa salaki urang, … kang Suryaaaa !
NINGGALI SULASTRI NGAGOROWOK, SARIPAH JEUNG TARSIH PIPILUEUN NGAGOROWOKEUN SALAKINA SEWANG-SEWANGAN.
SARIPAH : Kang Doyoooooo !
TARSIH : Kang Coroooooo !
TARSIH CEURIK SATARIKNA. TEU LILA SULASTRI JEUNG SARIPAH OGE NGILU CEURIK. PUGUH BAE BEUKI GANDENG JEUNG RAME. SAKEDAPAN SALAKI MARANEHNA DATANG BARI MARAKE KOLOR HUNGKUL.
SULASTRI : Kang Surya kunaon ? Naha make kolor hungkul ?
SARIPAH : Heueuh kunaon ieu teh, kunaon ?
KUNCORO : Teuing atuh, puguh kami oge teu ngarti !
TARSIH : Ari gubug urang kunaon atuh ?
SALAKI JEUNG PAMAJIKAN SALILA-LILA NGAHULENG TEU PUGUH LAKU. TEU PUGUH PIKIR. TEU PUGUH SAGALA. DUNYA SIMPE, SIMPE JEUNG SIMPE.

R E N G S E



Tanjungsari, 23 Desember 1999

Saman Upi Supardi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar