Selasa, 12 Desember 2023

Fikmin #Macet#

 

Fikmin #Macet#

Mobil teu bisa laju lantaran karéta api ngaléwat, kusabab macétna kacida lila jeung ceuli asa gandéng ku sora motor nu knalpotna jiga lodong,  nya sora murotal di tarikan sangkan tiis ceuli bari, da geus lumrah lamun naék mobil sok bari nyetél murotal surat surat pondok. Teu kungsi lila aya bapak bapak nyodorkeun leungeun kana jandéla bari muragkeun duit, kuring haré haré dan dina pikiran téh nu jail wéh. Teu kungsi lila jol remen nu ngasongkeun duit kana jero mobil. Kuring mikir “Moal kitu barokahna nyetél murotal ngaji?”. Pas gok téh aya tukang dagang méré duit kana jero mobil, terus dibetot wéh leungeuna “Mang naha ngalungkeun duit sagala?”, tukang dagang némbal “Apan lain ménta sumbangan keur masjid? Pédah titatadi kadédénge sora nu ngaji tarik pisan”. “Gélo pedah mobil urang butut ditambah nyetél murotal nepi ka disangka panitia masjid nu keur néangan sumbangan”, leungeunna dilésotkeun bari ngarawu duit na luhur jok.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar